Real Time Analytics Wangsit Siliwangi | Angkatan Muda SIliwangi | AMS RAYON SUKAKARYA | Angkatan Muda Siliwangi Kab. Bekasi Rayon Sukakarya

ams siliwangi rayon sukakarya


WANGSIT SILIWANGI

Pun !

Geus dipaheutkeun kunu Ngatur didituna
 Yen kami kudu ngajagangan hiji mandala di Dua mangsa
Yen kami baris nitis deui dina wanci nu dipasinikeun
Yen kami kudu nyaksian turuna pulung ka Galunggung
Sabada nyaksian turunanapulung ka lebah Ciliwung ratusan taun ka tukang

Subaya mangsa kiwari geus ninggang diugana
Kiwari kami dating deui marengan nu dating make ngaran kami
- SILIWANGI -

Ngaran kami, Ngaran Bihari
Kami - ngaran pancen jeung jiwa kami,

Hayang matuh dina sumsum balung aranjeun
Hayang ngimah dina jiwa aranjeun
Hayang nitipkeun ngaran kami - Siliwangi ka anak incu kami,
Jeung hayang supaya eta ngaran tetep dijaga saperti nu geus dijalankeun ku kami.
Kami datang deui dina ngaran, pancen jeung jiwa kami kana ngaran, pancen jeung jiwa aranjeun.
Geura tampa ieu kami,
Hei urang pajajaran anyar.
Saestuna pancen kami, jiwa kami, nyaeta :
NYUNGKEMKEUN ACINING ASIH KALEMAH CAI KU WENING ATI,
NGABAKTI JIWA RAGA KA NAGARA KU BALUNGBANG RASA,
Jeung dimana engke simpay nagara pegat - kandaga - lante kandaga
lante harayang ngaraja dewek,
Geura gunakeun leungeun aranjeun binareng jeujeuhan.
Gupayan ku katresna, sugan nu ingkar daek eling daek mulang,
Jeung upama panggupay aranjeun teu dicumponan, kami nyaho yen leungeun
aranjeun bisa di kuah - kieuhkeun bisa diusapkeun bisa dipeureupkeun !

Pun ! Geura pake ngaran kami - Siliwangi - ku aranjeun tapi omat !
masing bisa nyubadananana, Masing bisa ngajagana, masing bisa ngajiwaanana.
Saestuna ngaran kami teh sarua jeung kami pribadi :
Boga suka jeung duka,
Seja jeung usaha.

Tapi inget !
Sing saha anak incu kami nu make ngaran kami kalawan maksud
nu suci maranehna meunang kapercayaan ti kami :
Sagala dukana baris ditungtungan ku sukana,
Sagala sejana baris di heueuhan ku Sanghiang bener,
Sagala usahana baris ditungtungan ku buahna, buah alaeunanan,
jeung alaeun anak incuna.

Sabalikna,
Upama aya anak incu kami nu make ngaran kami bari teu jeung wiwiha,
Boga seja jeung tekad nu nirca, atawa boga rasa ujub ku kaunggulan,
Kami seja narik kapercayaan kami, sarta upama aya mamala datang,
Tanggungan pribadina di bale balitungan.............................................
Ngaran kami montong dibabawa,
Ngaran kami montong dikotoran..........................................................
Cag, sakieu wangsit ti kami - Siliwangi -
Geura bral,
Sing panjang natar lalakon kasmaran picaritaeun.



Next
Posting Lebih Baru
Kembali
Postingan Terakhir
Diberdayakan oleh Blogger.